-

Monday, July 02, 2012

Akibat Nyandung

Teu ngingetkeun kacapé, ampir unggal poé waktu téh béak di luar. Siga piit téh lain babasan. Datang ka imah ngan sakadar niat reureuh, bari kalan-kalan waktu samporét pisan.

Perbawa haté nu keur sumanget, awak téh asa boga mangrébu-rebu tanaga cadangan. But-bet kaditu-kadieu.

Mulang ti pagawéan matuh, laju neruskeun pagawéan séjéna nu ngadadak rajol nyampeurkeun.

Nu di imah ngélingan gé teu ieuh diwaro. "Siap!" ngan sakitu jawab téh tamba balem teuing.

Ngahaja teu bébéja. Sugan aman nepika ahir. Kabayang, pamajikan reuwaseunana. Mangkana éstu rerencepan.

Sa bulan, dua bulan, teu aya nanaon. Bulan katilu, geus béda rarasaan. Ahirna brek gering nepika asup rumah sakit. Ceuk dokter alatan capé teuing.

Ah! Niat hayang mangmeulikeun motor keur pamajikan, bélaan gawé di ditu-di dieu. Ari hasilna, kalah kapake keur mayar uubar. (Dewi Mentari)***
Pikiran rakyat
Sabtu, 23/06/2012 - 16:07

Artikel yang Berkaitan

0 komentar:

-

Post a Comment