-

Saturday, January 07, 2012

Cinyusu Indung Keur Nu Hurung Nangtung

Karya : Endang Somalia

Anaking,
bruy bray béntang raweuy na gugunungan
rébuan cika-cika reup bray dina mahkota
suku nincak hurung ngaburicak
leungeun ngagandeuang cahyana mangpirang-pirang

Bral anaking
caangan dunya nu poék mongkléng
lantéraan haté nu simpé jempe
sangkan caang mabra kamana-mana
ambéh léngkah suku teu kabawa sakaba-kaba

Gur, seuneu geura hurungkeun
sangkan cai nyéngsréng dina sééng
suluhna satangkarak jagad
caina satungkebing langit

Jug, geura leumpang anaking
geura salusur tirilik pasir pangreureuhan lambak
geura kuribeng leuweung nu peteng
geura papaés kahirupan nepi ka écés
geura peuraykeun cimata nu ngagenduk na juru panon
sangkan palid salaksa bebendon

Bral… bral anaking
hariringkeun dangding ka éling
geura suarakeun gending panyaring

Artikel yang Berkaitan

0 komentar:

-

Post a Comment