-

Tuesday, June 28, 2011

Landong Baeud Kamus Cina Sunda

Landong Baeud "Kamus Cina Sunda"

by Nyarios Sunda
Kang Suadma: "Keur naon mang, mani anteng kitu maca buku teh?"
Mang Ihin: "Nunawi kang, nuju maca kamus Cina Sunda, sing horeng teh upami diucapkeun mah teu benten tebih, cobi ku Akang aos seratan dina kamus Cina Sunda nu ieu" (Mang Ihin muka kamusna anu di baca bari ditembongkeun ka kang Suadma. Kang Suadma kalahka beuki anteng we macaanana, pedah aya tulisan kieu:
A Lung Keun ( dibalangkeun )
Am ( dahar )
An Jing ( gogog )
Ba Chang ( leupeut eusi daging )
Babah ( bapa )
Ba Tok ( bagian anu paling teuas dina kalapa )
Bo Tak ( teu gagaduhan rambut )
Bo Lo Ho ( bodo )
Ba Le Dog ( ah ieu mah basa inggris meureun?)
Cha Bok ( gaplox )
Cha Lang Ngap ( tong dibuka geus dahar jengkol maneh mah….? )
Cha Pe Tank ( budak leutik karak bisa ngomong ).
Cha Ran Cang Ti Hang ( wanci sore )
Cha Meuh ( biwir gemesin )
Chai Baw ( anu aya di solokan )
Chak Chak ( dulurna toke )
Chan A Ya ( inden , antry )
Chan Man Die ( bau dahdir )
Chang Ka Leng ( caruluk )
Chang Kang Chaw ( parab embe )
Chang Ke Nyer ( loba teuing gawe peuting )
Chang Kok Khan ( bibit mangga)
Chang Ku Du ( buah bau pisan )
Chang Ku Ri Leung ( manuk )
Chap Cay (kadaharan tina sayur-sayuran )
Chap Ja He ( koret, medit )
Chi Bha Du Yut ( pabrik sapatu ).
Chi Ham Phelas ( tempat jin meuli calana ).
Chi Ka Dut ( kuburan cina ).
Chi Ki Zing ( ngaran desa / kota )
Chi Leu Peung ( belegug )
Chi Leuh ( tai panon, belek )
Chi Leun Cang ( cair kotor, disisi jalan ari tos hujan ageung ).
Chi Lok ( kadaharan budak : aci dicolok )
Chi Reng ( kadaharan budak :aci digoreng )
Chi U ( leupeut tina aci jeung cau )
Ching Chang Chang (embe kabur )
Ching Chang Ke Ling ( lagu ) Ching Chung ( guru nanya )
Cho Bian ( mangga raosan ).
Cho Kor Baw ( canteungan )
Cho Le Nak ( katuangan, peuyeum dibubuy sareng gula kinca ).
Chu Ra Ling ( sipat licik )
Chu Ru Luk ( buah kawung )
Tho Lo Heor ( Ngareuleuss )
Enci ( ibu, indung )
Encim ( parawan cina )
Heu Ay ( tunduh )
Hok Cay ( molohok bari ngacay )
Hu I ( akar nu bisa di dahar )
O Lo Le Ho ( leutik keneh geus kawin; keur gering salesma )
Ong Kek ( utah )
On To Hod ( pikakeuheuleun )
On Tha ( binatang di Arab )
Kyu Kyu ( judi )
Lha Hang ( cai aren )
Liang Cheuli Baw ( panyakit THT )
Le Nang ( leuwih naker tibatan bo tak )
Ma Ling Ping ( ngaran desa / kota )
Ma Ung (dulurna ucing )
Nga Cay ( ngelay: banjir tina baham )
Nyi Chian Pochi (pagewean babu )
Pa Hang ( rasana aneh )
Pe Chak ( panonna peureum sabelah )
Pek Tay ( … ) teuing naon ieu mah, can ka alaman ku sayah
Peu Chang ( leupeut eusi kacang; sato nu sukuna opat )
Pha Ming Pin (dunungan )
Ping Ping ( luhureun tuur, handapeun eta tea… )
Siang Siang Maling Seng ( euweuh gawe, beurang?maling)
Sing Sing Keun ( arek gelut /wcw )
Taw Cho ( oleh-oleh ti lembur kuring ieu mah )
Tham Pi Ling (gaplock )
Tham Po Long ( wadah reuhak )
Tho Lom Bong ( wadah oge )
To Ong ( ningali tina liang leutik )
Toke Chang ( lagu oge )
Tong Li La (enggalkeun )
Tong To Lang ( nangka – kawinan bapak – teu beja-beja?- poe salasa… )
Tu Ang ( ngalebok )
Tung Tung Seng ( seukeut pisan )
U Ching ( dulurna maung )
Yap La Hun ( budak ceurik )
 (AS), bilih aya kurang mah tambihan ku baraya.

http://www.facebook.com/notes/nyarios-sunda/landong-baeud-kamus-cina-sunda/10150237615853965

Artikel yang Berkaitan

0 komentar:

-

Post a Comment