-

Friday, June 03, 2011

Kumpulan Heureuy Urang Sunda

Jauh-jauh manggul awi, nyiar-nyiar pimerangeun.
Jauh-jauh neang abdi, nyiar-nyiar pimelangeun
Mun teu tulus ka paseukna, ka pancirna oge hade.
Mun teu tulus ka lanceukna, ka adina oge hade.

Test B Inggris
Bu Lia: “Ayeuna ibu rék ngetést maranéh anu bisa ngajawab bener, meunang balik ti heula ! “,
              saur ibu guru Lia.
Bu Lia : Fitha, sok sebutkeun contona irregular verb !
Fitha :   “Bring – brought – brought, hartosna nyandak”
Bu Lia : “Alus. Cikan Yogi ! Tong heureuy baé !”, si Yogi katelah tukang heureuy.
Yogi    : “Dag – dig – dug, hartosna abdi teu acan ngadamel PR”.
Bu Lia : Nangtung dihareup !

Ngajar Basa Inggris ku basa Sunda:
“Ayeuna ibu rék ngetést maranéh ihwal present continous“, saur ibu guru Lia.
“Ridwan, sok sebutkeun contona present continous !”, ibu guru Lia naros.
“Hi istuning (he is tuning),hartosna dia keterlaluan “.
“Déni !"
“Déy weureu daun (they were down), hartosna mereka weureu daun”
” Kahareup kabéh! Matak TBC ngajar barudak kawas kieu mah !”, bu Lia bendu.

Budak Jago Ngomong Ingris
Kuring mah teu aneh, upami barudak urang Ingris anu di London umur 9 tahun tos lancar ngagunakeun basa Inggris.
- Atuh puguh we Kang, pan maranehn teh urang Inggris anu di London, puguh we lancar kana basa Inggrisna.
+ Tah anu aneh mah ningali barudak urang Sunda aya di kota-kota Tatar Sunda umur 9 tahun masih aya keneh anu tacan lancar basa Sundana.
- Perkawis eta mah sim kuring moal ngomentaran ah..

Tukang Manuk
“Sabaraha mang manuk ieu hargana ?” ceuk saurang lalaki ka tukang manuk.
“Tah anu keur nyanyi mah hargana sajuta. Lamun itu tuh, anu cicing bae, eta mah dua juta” bari nunjuk manuk anu ngahiul bae dina kurung.
“Har, naha bet mahal keneh anu cicing bae geuning Mang?”
“His, pan eta anu nyiptakeun laguna”

Tuturut Munding
“Dewek mah keuheul kapamjikan euy, teu kaop tatangga meuli itu, boga ieu, sok langsung nurutan, dasar si panas baran…!” Mang Sarkim gegelendeng.
“Pamajikan nukitu patut mah bales wae atuh..!” Mang Jupri kalahka mapanas.
“Nya kumaha kitu..?”
“Kieu geura lamun ningali tatangga kawin deui..buru-buru urang ge kawin deui..!”
“Satuju euy…!” Mang Sarkim atoh.

Lagu Jaman Keur Budak:
Bulantok-bulantok Bulan gede bulan montok Moncorong sagede batok Bulantok-bulantok Aya bulan sagede batok Bulanting-bulanting Aya bulan sagede piring.
Bilih aya deui lagu nu sanesna mangga dihaturanan ka payun.

Si Uci AKABRI
" Saha nu hoyong lebet ka surga, Ngacung ! " ceuk bu guru TK.
" Abdi,bu! " ear barudak bari ngaracungkeun curuk.
aya 1 murid teu ngacung, di taros ku bu guru
" Uci teu ngacung, teu hoyong lebet ka surga?" ceuk bu guru
" Abdi emut ka pun bapa, almarhum"ceuk uci
" Muhun cep, nanging tetep kedah hoyong lebet ka surga mah"ceuk bu guru
" emut wasiat pun bapa, Poko na mah, rek kumaha ge abdi kedah lebet AKABRI " ceuk uci


Malam Mingguan
Mulih ti malam mingguan teh si ira lumpat bari ceurik.
" Kunaon neng ?" ceuk ceu iom, " Neng di pegatkeun ku si ombi, umi" si ira nembalan." Ah, wios neng..emang lalaki mah Borokokok sadayana !, Ngke ge aya borokokok anu pas jeung neng ". Si neng ngalieuk ka bapa na, bari ceurikna ngabedasan. Ari kang tatang, bapa na si ira, mah molohok bari lieur.

Artikel yang Berkaitan

0 komentar:

-

Post a Comment